Khutbah Ka-Hiji
Ku : H. Ahmad Rustandi. S.Ag.,M.Pd diropéa ku : Ujang Ismatullah (Kang UIS)
Hadirin Para wargi nu sami-sami miharep rohmatna Allah
Cunduk waktu nu di tunggu-tunggu, sapagodos waktos anu di antos-antos, pasini wanci anu di anti-anti, kabingah anu bungangah, sarta kagenah manah nepangan urang sadayana nyaeta “Idul fitri”. Margi salami sasasih ramadhan, urang mancuhken kuda-kuda taqwa, nguatken jurus kaimanan, nangkis panarajang serangan syaetan, ngabendung panundung hawa napsu, ngépésken kalayan nyingcetken kamaksiatan, Alhamdulillah tiasa di singular tur urang aya dina kameunangan, saum romadhan cumpon, shalat fardu, shalat sunat teu kaliwat, tadarusan qur’an satamatan, zakat fitrah kabayar punah.
Saum ramadhan sarana latihan anu pinuh ku pendidikan , upami dikali, ditalungtik, kacida meuhpeuy leubeut ku buah pituah papatah anu barokah, alaeun urang umat islam. Rambay alaeunnana sangkan kéngéng hasil anu mucekil, ulah nihil, anu deukeut urang beungkeut, anu anggang urang taékan, anu jauh urang ajul kalayan nganggé gantar kaimanan sareng kataqwaan, kanggé modal ngagolangken hirup urang, sangkan aya dina kasuksesan memperjuangkeun hirup jangka pendek didun’ya, demi ngahontal hirup jangka panjang di akherat engké, sakumaha tujuan anu ngancik tina lelembutan urang.
Di dun’ya kéngéng kasaéan, di akherat kéngéng kasaéan, bari salamet di jaga tina seuneu naraka.
Mangga geura emutan ku urang sadayana, geuning ngosongken beuteung téh lapar, dahaga, leuleus, lungsé teu aya tangan pangawasa, cacakan urang mah ngan sakadar ngésérken kabiasaan, anu kawit neda énjing-énjing diésérken jadi janari, neda sonten diésérken janten magrib.
Deudeuh teing dulur urang anu miskin anu fakir anu yatim, anu sadidintenna nahan lapar, tuang sore isuk henteu, isuk ngabubur sore nganggur, ngeusian patuangan sakaparan-paran kumaha mendakna baé, anggéan belél pinuh ku tatambalan, kulem dimana baé dugna da tegaduh padumukan, malah dikolong jembatan nganggé amparan koran.
Komo upami ngemutan nasib anak yatim anu tos dikantunken ku Ibu ramana, atanapi salasahijina, kacida Pikawatirenana, boro-boro keur pendidikan ker jajan ge seuseut seuat, kabayangken kurat karétna kahirupan, unggal dinten ngalimba ngeumbay cai soca emut kanu tos teu aya, ieu téh bélaaneun urang, émutanan urang. “Kalebet jalmi anu ngabohongken kana agama, anu ngantep ka anak yatim teu miroséa ka fakir miskin, dugi kamantenana hirup kadungsang dungsang teu aya anu mélaan. kitu pidawuh gusti Allah dina Quran surat Al-Maun ayat 1-3
Kalih ti éta, urang ayeuna masih aya dina kondisi pandemik, sadayana kajantenan tangtosna kedah janten ibroh kanggo urang, urang ulah katular tur urang ulah nularkeun, kalayan tarekat ngajaga, ngalaksanakeun protokol kasehatan.
Pamarentah tos berupaya ngalakukeun rupa-rupa aturan kanggo kamaslahatan urang sararea.
Mangga urang titenan sababaraha keterangan anu aya dina Al-Qur’an diantawisna :
Kahiji : ngajaga hirup jeung kahirupan éta téh tanggungjawab urang sadaya. Teu tiasa dipasrahkeun ka hiji atawa dua pihak wungkul, Allah SWT ngadawuh :
“Sing saha anu maéhan hiji jalma lain kulantaran éta jalma téh geus maéhan jalma séjénna atawa ku lantaran geus nimbulkeun karuksakan di ieu bumi, manehna dianggap geus maehan manusa sakumna, jeung sing saha anu geus miara hirup hiji jalma, manéhna dianggap miara hirup huripna sakumna manusa.” (QS Al-Maidah : 32)
Kadua, dina kondisi sapertos ayeuna dimana urang dianjurkeun jaga jarak sareng nyeueurkeun calik di bumi, hakekatna mah urang teh nuju ngalaksanakeun peperangan di medan pertempuran, ngan dina danget ieu musuh urang teu katingali secara dhohir, mung ceuk ilmu pangetahuan virus korona teh aya di lingkungan urang bahkan keur nyerang urang sadaya. Kukituna dina danget ieu urang kudu sabar malah kudu ngalipatgandakeun kasabaran urang.
“Yeuh jalma-jalma anu ariman, masing salabar, jeung geura ngalawan ku kasabaran, geura sayaga, jeung geura tarakwal ka Allah supaya maraneh jadi aya dina kabagjaan” (Q.S Ali Imran : 200)
Lafadz ishbiru sareng shobiru ngandung makna anu beda, ishbiru nuduhkeun kana kasabaran ngan sapihak, nyaeta diri urang nyalira. sedangkeun shoobiru nuduhkeun ayana dua pihak nyaéta sabar tina gangguan pihak séjén, misalna sabar nalika mayunan musuh.
Katilu, sing éling, bahwa sagala rupa nu terjadi, kalakay anu murag, cai anu ngeclak, saéstuna tos aya titis tulis ti ajali, nyakitu ieu pandemic oge sing janten ibroh kanggo urang. Dawuhan Allah dina Al-Qur’an
Teu aya hiji perkara anu terjadi dialam dunia tur anu niba kana rga urang sewang-sewangan kajabi tos diguratkeun dina kitab (lauhil Mahfuz) sateuacana kami ngadamelna, saenyana hal eta gampil kangge gusti Allah (QS. Al-Hadid;22)
Hadirin sidang idul Fitri rohimakumullah..
‘Idul fitri ogé jantenkeun kasempatan kanggé nyaliksik diri nyiaran tubuh bilih urang kamalinaan, romaos urang téh lamokot ku dosa, jeblog ku kasalahan, seueur laku anu teu saluyu, lampah anu teu meureunah, nukang nonggong jeng papago, nyengsar tina aturan agama urang, boh dosa anu pribadi ka Alloh, hese di titah solat, hese dititah puasa, hese ngaluarkeun zakat, jeung sajabana… atanapi dosa anu aya patula patali jeung papada urang, loba nyalahkeun pamarentah, padahal boa-boa ieu pandemik mangrupikeun akibat tina kasalahan urang sararéa, loba doraka ka indung bapa, loba ngomongkeun batur, jeung dosa anu sejena..
Kasempatan anu hadé keur nyuciken diri urang, hayu urang tarobatan, sing yaqin Alloh lautan hampura, gedé keneh hampura Alloh di bandingken jeung dosa urang, gedé kénéh kanyaah Alloh di bandingken jeng kaburaongan urang, Alloh baris ngahampura ka mahluqna anu tobat anu niat rek babalik pikir.
Saestuna Alah ngahampura sadayana dosa, margi anjeunana dzat anu maha welas tur asih (QS. Az-Zumar 53)
Pikeun nyampurnaken kasucian awak urang tina rereged kasalahan jeng papada urang, Idul Fitri angge kasempatan silahturrahmi sakantenan silih lubarken dosa jeng papada urang, sangkan ulah janten gantar kakaitan, engke di poe qiyamah, geura silih hampura jeng batur sakasur, jeng batur sasumur, jeng batur salembur, jeng dulur-dulur komo ka ibu rama, Mangga geura galih waktos harita indung urang ngusial karos patuangan, Bapa lumpat tibuburanjat, rek néang indung beurang. Sing emut !!! basa ema makalangan nyesaken nyawa dina tungtung socana, harita ema adug lajer lolongséran guyang getih, ti kekereket ngaluarken tanaga anu rohaka bari luut léét ku késang. Késang gedé kesang leutik kaluar maseuhan salira. Pasrah sumerah kana kaayaan antara hirup sareng maot, haté ngawur tagiwur, di barengan ku rasa paur, kucap kiceup jeung ramisak cai panon, nyambat ngajérit kaurang sing geura lahir kadunya nambah eusi haté, buah panyileukan. Bungah bungangah teu aya hinggana ngabagéakeun urang medal ka dun-ya bari mulus banglus sampurna salamet.
Bagja kacida kanu masih gaduh kénéh Ibu rama, usum lebaran tiasa sasalaman pataréma panangan bari nyuhunkeun di hapunten bébéakan, nyuhunken jiad pidu’a ti duanana, tapi pikeun jalmi anu tos teu gaduh ibu rama tos mayunan mulih karohmatulloh tos aya di alam barjah, mun bati kabita bari hate ngagerentes, mun ema jeung bapa aya keneh, rék sasalaman bari di rangkulan jeung diciuman, rek bébéakan nyuhunken jiyad pidu’a ti marantena.
Nu tos teu aya ibu ramana, ayeuna ema jeng bapa geus aya dina angkeredong sangkeredong, aya dijero quburan, anu boa teuing jasadna tos séép di gayeman ku bilatung, anu aya kantun tulang talengna, mun emut ka ema jeung kabapa paling jiarah nyaksian tutunggul kuburanana, tawis ciri wanci titimangsa yén didinya aya quburan ibu sareng rama anu berjasa. Malih asa kabayangken kéneh dina emutan urang anu tos teu aya ibu atanapi ramana, waktos ibu atanapi rama urang ngajolopong dina jero pasaran bari di garotong ku opatan, teras di leubeutken kana jero kuburan bari di rurub ku taneh beureum. Dedeg pangadegna, pameunteuna, rindat socana, kanyaahna, kadeudeuhna, kabayangken bae teu acan leler dina emutan.
Duh gusti pangeran abdi, hapunten dosa perdosa pun biang sareng pun rama, tetepken iman islamna, tampi amal ibadahna, caangken legaken quburna. Duh gusti pangeran abdi salametken pun biang sareng pun bapa. Jait tina katalangsaraan sareng kasedihna, kucuran ridho, rohmat,sareng magfiroh, jantenkeun ku gusti pun biang sareng pun bapa ka golongan ahli surga. Tepangken abdi sareng pun biang sareng pun bapa engke diakherat bari aya dina kasalametan. Amin ya Robbal ‘Alamin
Hadirin Jama’ah Sholat Idul Fitri Rohimakumullah,
Kasimpulanana, jantenkeun ieu idul fitri sebagai momentum muhasabah, silih bebaskeun dosa, neda pangampura ti ibu rama, tur kondisi ayeuna sing janten pelajaran kanggo urang sadayana. Mugia ieu khutbah aya manfaatna